Kamis, 05 Februari 2009

BEWARA PASANGGIRI

Dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional nu ka 10 tanggal 21 Pébruari 2009, Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat gawé bareng Himpunan Mahasiswa Pendidikan jeung Sastra Sunda UPI sareng Bandung TV baris ngayakeun kagiatan Pasanggiri Maca Sajak Sunda jeung Présénter TV sa-Jawa Barat.Katangtuanana :
1. Pamilon tiasa saha baé (umum).
2. Umur 18-25 taun.
3. Nalika daptar wajib masrahkeun fotocopy kartu idéntitas sareng ngeusian formulir.
4. Pendaptaran gratis.
5. Pamilon diwates, tiap cabang pasanggiri ngan 100 urang.
6. Para pinunjul baris minton dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional Povinsi Jawa Barat tanggal 21 Pébruari di Téater Tertutup Taman Budaya.Pasanggiri Maca Sajak SundaPoé : KemisPing : 19 Pébruari 2009Tabuh : 07.30 – 15.30Tempat : Gedung Balai Pertemuan Umum (BPU), Universitas Pendidikan Indonesia Jl. Dr. Setiabudi No. 299
Pendaptaran di buka ti ping 8-18 Pébruari 2009.
Tempatna di Sekretariat HIMA Pendidikan Bahasa Daérah Gedung FPBS Lama UPI lt. 2, Jl. Dr Setiabudi No. 299 Bandung.
Kanggo langkung jelas tiasa ngahubungi sadérék Wildan 085222799626 sareng Yatun 085223580004

Pasanggriri Presenter Sunda
Poé : Saptu-Ahad
Ping : 14-15 Pébruari 2009
Tabuh : 08.00
Tempat : Studio Bandung TV, Jl. Pacuan Kuda, Arcamanik, Ujung Berung Bandung.
Pendaptaran di buka ti ping 4-13 Pébruari 2009.
Tempatna di Studio Bandung TV, Jl. Pacuan Kuda, Arcamanik, Ujung Berung Bandung.
Kanggo langkung jelas tiasa ngahubungi sadérék Mugiana 08156269608 sareng Dian Hendrayan 02292045248

Template by : kendhin x-template.blogspot.com