Dosen Penguji : Naon judulna Skripsi teh ?
Hendy : Pangaruh Warung Nasi kana sumanget diajar Mahasiswa UPI Bandung
Dosen Penguji : Teknik panalungtikana naon
Hendy : Study Eksperimen ka jurusan Katering Pak ......
Dosen Penguji : Lila teu make teknik panalungtikan eta ?
Hendy : Sakedap pak da teknik panalungtikan anu lami mah Teknik Panalungtikan Ngagunakeun Angket ......
Dosen Penguji : Naha.... ( Bari Ngahuleng )
Hendy : Pan Angket Margahayu- Ledeng ge sok lila ngetem .......
Dosen Penguji : seuri nyakakak teu eureun-uereun nepika pangsiun ....
#Hdy
Kamis, 08 Januari 2009
Sidang Skripsi
Gado- Gado
Uned : "Cih, Gado-gado naon anu teu ngeunah?"
Icih : "Nya gado-gado anu disambaraan tikotok atuh"
Uned : Nya Salah anu bener mah Gado-gado teu ateul ....."
Icih : Ah, garing maneh mah......
#Hdy
Rabu, 26 November 2008
Dosa jeung Gosip
naon bédana antara dosa, do’a, jeung gosip? (ari dosa mah meledos teu karasa, ari do’a mah meledo’ teu kara’a, tah mun gosip mah melegos teu karasip. #dk
Wisudawan jeung Baso
Naon bédana wisudawan jeung baso ? (ari wisudawan mah ditogaan, ari baso mah ditogéan)#awr
BIP
Naon bédana di jero jeung di luar BIP? (ari di jero mah aya escalator, ari di luar mah aya es kalapa)#awr
bédana hp jeung awéwé
Naon bédana hp jeung awéwé ? (ari hp mah dipencét tuluy aya sinyal, ari awéwé mah aya sinyal tuluy dipencét) #dk
Kantong jeung Kentang
Naon bédana kantong jeung kentang? (ari kantong mah bisa ngawadahan kentang, ari kentang mah teu bisa ngawadahan kantong) #awr
Samangka jeung Sama’un
naon bedana samangka jeung sama’un,? (samangka mah sikina loba samaun mah sikina dua) #awr
Nu tos ngonsumsi nu gararing
Naros Waktos ? Sanes Bandros
Hendy